Minggu, 19 Oktober 2008

Bandung ngabarakatak

Atret
kaskuser
UserID: 555299
Join Date: Sep 2008
Posts: 149
Thanks: 0
Thanked 0 Times in 0 Posts

Poe geus jam sawelas. Ki Arsanin ongkoh2 weh disimbut dina samak. Mug wadah teh kentel urut manehna nginum masih calangap digigireunana teu di turuban. Nyi Arsanin masih keukeuh hushos niupan songsong kana suluh anu baraseuh keneh. Ngambeu lauk asin anu can asak dina katel diluhur hawu, ki ucing asup bari uang eung, laju plos weh ka dapur. Teu make lila balik deui bari umba ambeu kana mug ki Arsanin. Teu antaparah, ki ucing nandaan mug ku kiihna. Teu lila ki Arsanin nguliat laju hudang, terus regot regot weh kana mug eusi cienteh kentel tiis semu amis. Teu lila dugsek deui weh ngahanca molorna. Sim uing teu wani ngabarakatak deuleu, tapi ngan saukur kulumas kelemes weh kapiasem. Bari ngelepus ngudud bako warning ngeunah temen.

Tidak ada komentar: