Kamis, 16 Oktober 2008

cendol teh anu katelah cendol Setiabudi pisan ieu mah.

Atret
newbie
UserID: 555299
Join Date: Sep 2008
Posts: 99
Thanks: 0
Thanked 0 Times in 0 Posts

@@@
Quote:Originally Posted by ye_enHa
`
Bisaan tah si atret ngolah basana. Tah, kuring ngirim cendol keur maneh. Cek heula geus nepi acan eta kiriman teh. :
@@@

Duh hatur rewu nuhun gan. Hehe, sapanyana sim uing meunang baraya. Duh gan, jaba cendol teh anu katelah cendol Setiabudi pisan ieu mah. Anu kawas buruy hejo, teu cara dawet ayu anu kawas lentah. Hehe, uing mah janten emut waktos Juli kamari nganjang ka ki lanceuk di Cijotang Mandiri II. Ku teh Dewi sim uing disuguhan cendol anu kieu pisan anu mani amis nikmat pelem.

Hehe, aheng weh uing mah. Naha bet ki lanceuk teh ku resep matuh di pasir Awiheneg. Kapan pami bade ka bumina, ti jalan Cimenyan kedah mudun heula 100 metereun dina elevasi 30 darajat. Balikna teklok tuur weh da nanjak. Kuma Bandung teu rek panas geura? Lamun pasir weh loba anu dibukbak.

Rupina agan di Pamulang nyah? Kin atuh upami sim uing ka Reni Jaya sugan pareng patepang jonghok sareng agan. Tangtos uing bade seja diajar kumaha ngabebetah hate di wengkon Bandung boh di tatar Sunda. Mangga agan!

Tidak ada komentar: