Rabu, 15 Oktober 2008

Alhamdulillah. Kubungah uing mah ngareungeu agan teu bendu

Atret
newbie
UserID: 555299
Join Date: Sep 2008
Posts: 92
Thanks: 0
Thanked 0 Times in 0 Posts

@@@
Quote:Originally Posted by ye_enHa
Beuh? Saha anu bendu, da euweuh alesan kuring keur bendu.

Memang enya melak tutuwuhan teh bisa nyerep gas-gas anu ngajadikeun panas tea, tapi sigana mah da teu cukup.

Kadang urang sok putus asa. Coba we, produksi mobil di saluruh dunya moal mungkin disetop; kajeun jalan geus teu cukup oge, haben wae tah anu baroga pabrik teh nyieunan mobil. Mobil nu dipake mangkin loba, pabrikna oge pasti ngahasilkeun gas-gas CO2 jeung dulur-dulurna. Kitu deui produksi minyak bumi. Saha anu wani nyetop? Presiden Amerika oge moal wanieun, komo deui si abah Ontohod.

Terus kabutuhan kai dunia, kabeh pada nyokotan kai di leuweung urang. Pejabat pemda mana boga kadeudeuh ka kaayaan leuweung urang lamun geus ningali duit nu asup kana sakuna.

Ah ... ulah ngadengekeun carita anu "discouraging" sapertos anu di luhur lah, eta mah ngan pikiran kuring. Urang tetap kudu boga harepan jeung impian yen dihareup urang bakal bisa mereskeun panyakit dunya ieu.
@@@

Alhamdulillah. Kubungah uing mah ngareungeu agan teu bendu ka sim uing anu keur diajar kieu. Kapan lamun agan bendu teh, atuh uingna bakal pareumeun salah sahiji obor anu mencrang tah gan. Rugi temen di uing.

Atuh enya nya gan, kapan maksad agan teh nembe anu alanyar tur maju teknologi. Teu acan deuih anu kaetang antik. Duh, pimanaeun kentel haseupna anu sangkan siga lenges weh panginten bakal ku lamokot hideungna. Hehe agan mah sok kitu, dupi ki Ontohod tea presiden palih mana kituh? Tapi keun wae lah ketang sanaos ontohod ontohod oge kapan gebrakanana nalikung para koruptor tos aya kabuktosanana. Sugan weh mayeng bari ngadudutan "benang merah" perkara dugi ka mangtaun taun katukang disadaya lini. Pon kitu deui jalma leuweung tea, sugan isuk boh jaga kaborogod weh deui. Terus ngahodhod barang nempoi kunisna ki Antasari Azhar (aeh gan, paralun temen teteh, mugi sim uing henteu oot weh nyah)

Wah agan mah sok api lain. Kapan emutan tur harepan agan oge teu sirikna harepanana balarea di sakuliah nusantara. Teu ah sim uing mah da teu asa di "discouraging" ku agan. Peperiheun uing anu biko balelo kieu. Tapi geuning asa bungangang hate uing ku harepan jaga, piraku bakal tetep katotoloyoh anu matak jadi sasaran tembak pestol bodo weh panginten, kaulan nun.

Tidak ada komentar: