Rabu, 15 Oktober 2008

Beuh? Saha anu bendu, da euweuh alesan kuring keur bendu.

ye_enHa
kaskus addict
UserID: 422781
Join Date: Mar 2008
Location: Pamulang
Posts: 2,439
Thanks: 18
Thanked 14 Times in 2 Posts

@@@
Quote:Originally Posted by Atret
Ulah bendu ka sim uing nya gan. Kahartos ayeuna mah, Bandung janten langkung panas jalaran ku seueur teuing kendaraan anu nganggo BBM. Mangkana aya dulur2 urang anu ngajakan melak tutuwuhan diburuan nyalira2, sok komo di tegalan mah.
@@@

Beuh? Saha anu bendu, da euweuh alesan kuring keur bendu.

Memang enya melak tutuwuhan teh bisa nyerep gas-gas anu ngajadikeun panas tea, tapi sigana mah da teu cukup.

Kadang urang sok putus asa. Coba we, produksi mobil di saluruh dunya moal mungkin disetop; kajeun jalan geus teu cukup oge, haben wae tah anu baroga pabrik teh nyieunan mobil. Mobil nu dipake mangkin loba, pabrikna oge pasti ngahasilkeun gas-gas CO2 jeung dulur-dulurna. Kitu deui produksi minyak bumi. Saha anu wani nyetop? Presiden Amerika oge moal wanieun, komo deui si abah Ontohod.

Terus kabutuhan kai dunia, kabeh pada nyokotan kai di leuweung urang. Pejabat pemda mana boga kadeudeuh ka kaayaan leuweung urang lamun geus ningali duit nu asup kana sakuna.

Ah ... ulah ngadengekeun carita anu "discouraging" sapertos anu di luhur lah, eta mah ngan pikiran kuring. Urang tetap kudu boga harepan jeung impian yen dihareup urang bakal bisa mereskeun panyakit dunya ieu.

Tidak ada komentar: