Sabtu, 18 Oktober 2008

Malpraktek sunda bageur.

Atret
kaskuser
UserID: 555299
Join Date: Sep 2008
Posts: 136
Thanks: 0
Thanked 0 Times in 0 Posts

Malpraktek sunda bageur.

Aduh beneran euy, aseli lucu matak sim uing iluan ngabarakatak akey2an. Tampa bongoh iyeuh sim uing rek milu nyarita.



Quote:Saminggu sim uing tepang ka neng Ecin mojang Depok tea. Moal dek disapirakeun deui lah peuting ieu mah. Pokona mah uing kudu bebenangan weh nu aya. Huh, atuda saha anu kuat nahan riuk geter lambe anu sok ngembang kadu pami digonjakan. Jaba romanna sok rey semu beureum siga kembang wera, pami socana diteuteup antep sataker kebek.

"Duh Aa, abdi mah teu ngartos naon maksad Aa sok nyebat sunda bageur ka abdi.." Halimpuna dihiji jongkok baso di payuneun apartemen Margonda.
"Beu susah atuh di aa na pami kedah dibijil beaskeun mah. Kumaha lamun engkin weh di praktekeun. Neng redho?" Waler sim uing bari sebrot nyedot teh botol tiis. Da eta aya saparo cengek sambel anu ka gegel. Sanajan bari bingung, neng Ecin mung sakadar unggeuk bari ngagelenyu. Beuh edas temen ari maneh.

Pas jam salapan, sim uing pamitan ka sepuhna bari celengok nyium panangan pimitohaeun pameget. Saterasna neng Ecin ngajajap ka lawang beusi. Tapi ku sim uing digered heula disimpangkeun ka sisi hareupeun car-port ramana.

"Dupi neng bade, pami urang praktek sunda bageur?" Teuteup sim uing.
Sanajan bari bingung2 oge, Neng Ecin tetep imut semu manis.
"Sunda bageur sakedik nya neng?"
Neng Ecin unggeuk. Atuh selebot2 weh ujung lambe kiwana disundutan ku muncung biwir uing. Gurubug weh neng Ecin ngagebeg bari reuwas.
"Aa!" Sentakna. "Nanaonan Aa teh, kapan urang teu acan nikah?"
"Haaarrr, kapan saur neng redho sunda bageur ka Aa?" Teu antaparah deui salira lenjangna dirangkul ku sim uing, laju suruput2 weh lambena dikenyot. Enya neng Ecin ngagurubug bari adug lajeur. Tapi embung eleh sieun leupas, atuh hayuh bae sungutna dileglegan nepi ka saletah letahna. Salila lila nepi neng Ecin meh sesek teuing weureu ketah. E-eh neng Ecin naha bet ngawiwiw. Bener weh, kitu dileupaskeun, teu antaparah deui neng Ecin ngabecir lebet ka bumina. Duh agan ye_enHA. Tos meh sabulan yeuh sim uing jadi agus huleng jentul na kunaon. Kapan tadina mah sim uing ngan saukur malpraktek sunda bageur tea lin?.



Lah ngarana oge sim uing ngan sakadar iluan wungkul. Keun teuing lah kajeun taya anu ngabarakatak onaman.

"Agus huleng jentul na kunaon. Soca celong jero na kunaon. Hate kumalayang emut ka neng Ecin anu lenjang. Agus huleng jentul na kunaon.." Kituh!
Last edited by Atret; Today at 05:13 PM.

Tidak ada komentar: